Jumat, 27 November 2009

kumpulan cerita lucu Sunda

Kumpulan Carita Lucu!!.. (On Sundaneese)

Salaki Bodo

Di hiji poe aya Bapa2x Keur ngarobrol Babarengan
Ieu percakapanna :

Bapa ka 1 : Jadi aneh Nyaaa Istri kuring teh meuni Bodo Pisan Ongkoh Meuli DVD player tapi Teu gaduh Tv na acan
Bapa ka 2 : Istri urang nu bodo Mahh Meuli tabung gas ari di imah make kompor minyak tanah...
Bapa ka 3 : Ahhh Eta mahh Biasa!... Istri urang Nu pang lewih bodo bodo na
Bapa ka 1 jeung 2 : Kunaon Kitu???
Bapa ka 3 : Kamari Teh pan rek kerja ka luar kota mesakan Kondom teras Rek make kondom na kumaha coba ngasupkeunna??

13 tahun

Bapa : Eneng ka dieu atuhh
Eneng : Aya naon bapa?
Bapa : Eneng Teh pan ayeuna teh ulang tahun
Eneng : Ohh Enya bapa Eneng teh meuni hilap..!
Bapa : Ari eneng ayeuna geus sabaraha umurna?
Eneng : 13 Tahun
Bapa : Maenya Geus 13 tahun deui?
Eneng : Enya bapa pan tahun Kamari eneng teh umurna 6 tahun nahh ayeuna 7 tahun Jadi Umur eneng teh 13 tahun...
Bapa : @!@!@!@###!#@#!@#

Adi Jeung Lanceuk


Lanceuk : mamah Eta si ade Ceurik wae!
Indung : Atuh tong di hereuyan wae!!!
Lanceuk : Atuh da Teu bisa cicing!!
Indung : Ieu yeuhh sarebu Keur jajan Indit jung!
Lanceuk : Nuhun Mamah
Indung : keula!.. Si ade na mana??
Lanceuk : Di jero sumur...
Indung : #@#@#@##!!!!!

BBM

Udin : Bapa-bapa!!
Bapa : aya naon din?
Udin : Ari BBM teh sasatoan naon pa?
Bapa : Naha jadi sasatoan?
Udin : apan BBM bisa naek...
Bapa : ??????

Putus

Reporter : Bapa2x sakalian abdi teh reporter ti Stasion Radio.. Kieu Abdi bade naros hungkul
Bapa-bapa : Mangga
Reporter : Ari Bapa ieu naha jadi putus jeung kabogoh bapa?
Bapa 1 : Beda Suku jang...
Reporter : Ohh.... Ayeuna bapa nu ieu.. bapa kunaon make putus?
Bapa 2 : Beda agama Jang,,
Reporter : Ohh.... Ayeuna bapa nu ieu.. bapa kunaon make putus?
Bapa 3 : Ohh Kuring mah Nu jelas Make putus lantaran Beda Kelamin
Reporter : ??????

Tuang Didieu

Padagang : Bade meser naon cep?
Cecep : Bade meuli paku pa...
Pedagang : Bade di bungkus?
Cecep : Tuang di dieu wee
Pedagang : ???@@!!!!!

Maaf GAN kalo Kagak Lucu n gak ngerti

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

isi komentar anda, joes...